Jumat, 14 November 2014

Contoh Dongeng Bahasa Sunda

PERANG BUBAT

Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan hiji mangsa kasumpingan utusan karajaan Majapahit. Eta urusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk pikeun masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna jenenganna Déwi Citraresmi.
Sigana béja Sri Baduga kagungan putra geulis, nepi ka Majapahit. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk tacan ngabogaan prameswari. Ku sabab eta manéhna ngirim utusan, pikeun masrahkeun lamaran téa.
Sabada dibadantenkeun sareng putra garwana, panglamar prabu hayam wuruk ditampi. Malah sakumna paméntana, Déwi Citraresmi rék dijajapkeun ka Majapahit. Alam harita karajaan majapahit mangrupa karajaan panggedena di Nusantara (Indonesia).
Sabagéan gedé karajaan nu aya di Indonesia jadi patalukan Majapahit. Malah kabéjakeun kakawasaan nepi ka Malayasia, Singapur, jeung Thailand ayeuna. Di antara nu henteu taluk teh nya éta kerajaan Galuh Pakuan.
Ari papatihna ngarana Gajahmada. Saha nu bireuk ka manéhna, ahli mingpin perang, tukang nakluk-naklukeun karajaan. Ku sohor-sohorna Gajah Mada, kakara ngadéngé ngaranna, loba raja nu milih langsung serahbongkokan. Lantaran paur nyanghareupan balatentara Majapahit pingpinan Patih Gajahmada.
Gajahmada kungsi ngedalkeun sumpah, moal ngadahar buah palapa lamun can bisa nalukkeun karajaan-karajaan nu aya di Nusantara. Ku usaha manéhna , sumpahna bisa tinekanan.
Dina waktuna, dibarengan para prajurit, rombongan Sri Baduga Maharaja angkat ngajugjug ka nagara Majapahit. Sababaraha poé ti harita, tepi ka hiji lembur, ngarana lembur bubat.
Kabeneran teu pati jauh ti puseur nagara. Sabada saréréa reureuh, teras Sri Baduga miwarang utusanna nyaéta Ki Patih Madu. Maksadna nguningakeun , yen ajeuna saputra garwa parantos dugi ka Lembur Bubat. Sajaba ti éta mundut dipapagkeun, da kitu lain ilaharna. Piraku aya awéwé dating sorangan ka tempat lalaki.
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong ieu aing, paréntah raja langsung ditolak. Alesanna dibandingkeun jeung Majapahit, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.
“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” cenah” Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun, yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapahit, seperti nagara-nagara séjenna.”
Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada. Puguh baé Sri Baduga Maharaja kacida benduna. Salirana langsung ngagidir, ampir-ampiran teu kiat nahan amarah. Sikep urang Majapahit, pangpangna Patih Gajahmada, sarua jaung ngahina. Déwi Citraresmi, anak raja, putri sakitu geulisna kudu dianggap upeti nagara jajahan. Padahal ti iraha karajaan galuh Pakuan jadi patalukan Majapahit?
Sri Baduga Maharaja sasauran ka saréréa, “Piisukeun urang miang ti Galuh Pakuan, pasosoré kula nénjo langit hurung ngagempur siga kahuruan. Moal salah eta téh kila-kila, urang bakal nyanghareupan peperangan. Ku kituna saréréa kudu taki-taki, sabab gedé kamungkinan urang majapahit bakal maksakeun kahayangna.”
Kasauran Sri aduga écés ngagambarkeun sikep anjeunna, kajeun kudu kaleungitan nyawa, ti batan ical kahormatan diri. Sabalikna pikeun Patih Gajahmada, sikep Raja Pakuan sarua jeung nyieun pucuk ti girang, nangtang kan kakuasaan Majapahit. Manéhna gancang ménta idin rajana, seja ngumpulkeun para prajuritna Majapahit pikeun nalukkeun Sri Baduga sabalad-balad.
Sakali deui Raja Hayam Wuruk beunang kaolo ku Patih Gajahmada. Geus kitu mah, der perang campuh antara tentara galuh pakuan ngalawanan paraprajurit Majapahit. Lantaran indit ti nagara lain rék niat perang, Sri Baduga Maharaja henteu nyandak prajurit seueur-seueur. Atuh dina derna peperangan, jumlahna henteu saimbang. Nya kitu deui pakarang perangna, henteu salengkep tentara Majapahit.
Akibatna tentara Galuh Pakuan nungtutan jadi korban. Malih lami-lami Sri Baduga Maharaja ku anjeun, kasambut di pangperangan. Maot dikerepuk mangpuluh-puluh prajurit musuh.
Kantun prameswari sareng Déwi Citraresmi, ngaraoskeun kasedih dikantun ku Kangjeng Raja. Duanana énggal mandi beberesih, sarta saatosna teras nganggo raksukan bodas.
Putri Galuh sareng ibuna newekkeun keris kana salirana, nyusul Sri Baduga Maharaja nu parantos maot ti payun. Tanah Bubat beureum ku getih dua wanita suci. Ngadangu Déwi Citraresmi jadi mayit, Raja Hayam Wuruk kacida handeueulna. Cita-cita ngadahup ka putrid geulis henteu jadi, gara-gara nurut teuing kana omongan Patih Gajahmada.
Tina ngaraos hanjakal, tungtungna brek baé teu damang parna. Mangpuluh-puluh dukun dukumpulkeun, welas-welas pandita ditéang nya kitu deui ahli panyakit, ngahaja dangkir ti mana mendi. Tapi, kawantu lain panyakit biasa, bisa cageur upama obatna ku Dewi Citraresmi. Dina tiasa damangna deui ogé, teu sapertos bihara-bihari.
Geus kitu mah kakara Patih Gajahmada ngaku kana kasalahanna. Disangkana Raja Sri Baduga Maharaja, sarua jeung raja-raja liana. Gampang taluk kana kakawasaan majapahit. Malah aya leuwihna, Sumpah Palapa Gajahmada dianggap cupar ku ayana éta kajadian. Nagara-nagara di Nusantara anu tadina aya dina kakawasaan Majapahit, nungtutan misahkeun manéh.




Sumber : Pamager Basa Kelas X




MAUNG KAJAJADEN

Nurut kana kapalay ramana, Raja Pajajaran, Nyi Putri Sucilarang, ahirna keresa janten istri Dipati Anom Lembujaya, putra Raja Majapahit. Namung kumargi henteu bogoh tea, sakitu nuju ngandung, keukeuh palay mulih deui ka Pajajaran. Eleh deet, Dipati Anom nedunan kapalay istrina.
Dijajapkeun paraprajurit sarta dibarengan ku paraji, rombongan Nyi Putri Sucilarang angkat muru Nagara Pajajaran. Alam harita, can aya jalan jeung kandaraan siga ayeuna. Nyi Sucilarang, katut rombongan kedah mapay-mapay leuweung.
Hiji mangsa anjog ka hiji tempat, ayeuna mah disebutna teh Panumbangan. Perenahna henteu jauh ti Kota Ciamis. Lantaran siga bade ngalahirkeun, Nyi Putri ngajak sarerea eureun. Teras miwarang ngadamel sasaungan, tempat anjeunna reureuh.
”Ema Paraji, kuring asa beda rarasaan, kawas rek ngalahirkeun. Kumaha lamun urang eureun di dieu?” saurna..
“Euleuh boa muhun, “ tembal Ema Paraji.
Enya bae teu kantos lami, Nyi utri babar. Orokna kembar. Nu hiji, rakana, pameget, Nu hiji deui, istri. Balina diwadahan kana pendil tambaga, teras dikubur sakumaha biasana. Kawantu ibuna geulis, cacak orok beureum keneh tos katingal pikasepkeun sareng pigeuliseunana.
Ku ibuna dipaparin nami Bongbanglarang jeung Bongbangkancana. Nyi Putri Sucilarang sareng rombongan, katambihan dua murangkalih neraskeun deui lalampahan. Sakitu dinten ti harita, dugi ka Nagara Pajajaran.
Murangkalih gancang pisan ageungna. Ampir teu karaos yuswana jangkep tujuh welas taun. Rakana, Bongbanglarang, kacida kasepna. Nya kitu deui raina, Bongbangkancana, pohara geulisna.
Unggal dinten eta dua murangkalih teh hayoh wae nataroskeun ramana. Teu beunang dibebenjokeun, teu beunang disisilihan, sina ngangken rama ka eyangna. Tungtungna boh ibuna, boh eyangna, kapaksa buka rusiah. Nguningakeun yen ramana murangkalih teh nya eta Adipati Anom Lembujaya. Raja Karajaan Mahapait.
Terang saha saleresna ramana, rai-raka mundu widi, seja nepangan ramana ka Majapait. Ieu ge sami teu kenging dihalang-halang, teu beunang diulah-ulah. Dalah digambarkeun kumaha tebihna Majapait, keukeuh mundut diwidian. Basana teh, kawajiban putra nyanggakeun sembah sinungkem ka ramana.
Nya ahirna mah diwidian. Dina waktosna, Bongbangrarang kalih raina, angkat ngantunkeun karaton. Angkatna paduduaan, henteu disarengan ku pangiring. Maksadna sakantenan meuseuh diri, diajar hirup prihatin.
Dugi ka Panumbangan, tempat duanana dibabarkeun, poe meujeuhna ereng-erengan. Hawa pohara panasna. Nyi Bongbangkancana teu kiat nahan halabhab. Anehna ongkoh di tengah leuweung, tapi cai kacida hesena. Sigana usum halodo.
Watir ningali nu palay ngarot, Bongbanglarang apruk-aprukan milari cai. Lami-lami mendak pendil tambaga, eusina cai herang ngagenclang. Pendil enggal dicandak, disanggakeun ka raina. Ngan barang bade dileueut, ana geblus teh, pendil nuruban mastakana. Persis jiga jelama make helem.
Pendil dibetot, malih kuduaan, namung angger teu lesot-lesot.Malah kawas nu mageuhan. Bongbangkancana dituyun milari lembur, sugan aya nu tiasa nulungan. Prok sareng hiji aki-aki, tapi teu ieuh tiasa nulungan, pendil angger pageuh dina mastaka Nyi Putri.
Teras dipiwarang nepangan Wiku Trenggana. Ku kasaktianana, pendil molonyon teu sakara-kara. Keleweng dibalangkeun ka jauhna. dasar wiku sakti, barang ragrag jadi kulah (balong).
“Kade hidep duanana, ulah wani lunta-lanto ka beh dinya,” saur Wiku Trenggana.
Abong murangkalih keur meujeuhna belekesenteng, kalah ngarasa panasaran. Rerencepan duanana nyaketan kulah. Resep dingal caina ngagenclang herang, gebrus Bongbanglarang ancrub kana jero kulah. Barang hanjat salirana pinuh ku bulu, pameunteuna persis maung.
Jerit Nyi Bongbangkancana ngajerit, reuwas ningal payuneunana aya maung. Tamat ngajerit disambung ku nangis kanyenyerian, barang uninga eta maung teh, singhoreng rakana. Tawis bela ka tuang raka, teu talangke anjeunna ngagebruskeun salira kana kulah. Hanjat deui parantos janten maung bikangna.
Maung kembar neraskeun lalakonna, muru Nagara Majapait. Di jalan sababaraha kali ngalaman cilaka. Di anarana lebah Panjalu ayeuna, sukuna kabeulit ku areuy oyong. Untung aya nu nulungan nya eta Prabu Cakradewa.
Maung jangji moal nganganggu urang Panjalu. Iwal ka nu nginum notor pendil, dahar langsung tina dulang, jeung nu melak oyong.
Jauh cunduk anggang datang, maung kembar nepi ka Nagara Majapait. Nenjo aya maung ngadeukeutan karaton, meh bae pada ngepung. Untung maung buru-buru nyarita, sakumaha ilaharna jelema. Uninga eta maung nu dua teh putrana, Prabu Anom Lembujaya kacida sedihna. Namung teu tiasa nolak takdir Gusti.
Ku ramana Bongbanglarang dipiwarang ngarajaan leuweung Majapait. Ari rina, Bongbangkancana, kedah ngaratuan leuweung Pajajaran. Sataun sakali, unggal Mulud, sok ngahajakeun papendak. Tempatna di Panjalu.
 (Dicutat tina buku: Pamager Basa; Taufik Fathurahman; Geger Sunten, 2007).


Mudah-mudahan janten elmu anu manpaat kanggo sadayana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar